Kumpulan Sajak Rizki Sanjaya Masbox


Hujan 1
Euweuh careurik, aya ku ayana angger careurik. Duh Gusti naha Anjeun téh disalahkeun waé?

Hujan 2
Aduh naon ieu téh? Alah popoéan can diarangkatan.

Hujan 3
Der turun paudag-udag jeung balad-baladna. Pék tah. Titeuleum!

_________________________________________________________________


Hiji Ogé Maung
Sakali Maung, Maung satuluyna
Dék aya sabaraha Maung gé di Bandung
Haté mah angger ka Maung Bandung

_________________________________________________________________


Tunggul Karahayuan
Harita sagala genah
Basa kuring dititimang
Ayeuna kagenah éta leungit
Basa anjeun tilar dunya

_________________________________________________________________


Lalakon Dunya
Hirup mah kudu dijieun babari
Tapi angger kudu boga taki-taki
Sakali metu kudu jadi
Meunang widi, tangtu moal jalir jangji
Siga gula jeung kopi
Najan béda, bisa ngahiji ku cai
Siga kuring jeung salira
Mun ngahiji, moal weléh silih jagi


_________________________________________________________________


Pamass Moro Bueuk
Ku ieu cara, urang manggih jalan
Ku ieu cara, urang nambah babaturan
Ku ieu cara, arurang babarengan
Najan salah,
Aya mangsana urang eureun.

_________________________________________________________________

Titilaras
Aya mangsana urang di luhur,
Aya mangsana urang di handap,
Reup...
Lampu pareum.

_________________________________________________________________


Alam Dunya
Kaéndahan ieu teu haratis,
Kudu dibayar ku tanggel waler,
 Urang nu jadi panata calagara,
Urang nu nangtoskeun kumaha tungtungna.
Share on Google Plus

About Unknown

This is a short description in the author block about the author. You edit it by entering text in the "Biographical Info" field in the user admin panel.
    Blogger Comment
    Facebook Comment

0 komentar :

Posting Komentar